Drama Bahasa Sunda
Hai kawan-kawan! Selamat datang di blog saya^^
Kali ini saya akan mengunggah sebuah naskah drama Bahasa Sunda dengan judul Masyitoh. Cerita ini bermakna bagi semua orang, banyak sekali pelajaran yang dapat dipetik dari sini. Oke, langsung check saja ya!
MASYITOH
Di zaman mesir kuno,di manten kejayaan mesir anu dipingpin ku saurang raja anu dzolim namina Fir’aon, manehna nyaeta raja anu telenges sarta nampik risalah anu dibawa ku Nabi Musa as.. Sumowanten manehna ngangken yen dirina teh pangeran.
Dicaritakeun dina hiji dinten, aya saurang wanoja anu taat ibadahna, namina Masyitoh. Anjeunna nyaeta laden karajaan anu ngabogaan tugas ngasuh Putri Raja. Sabot anjeunna meresan rambut Putri Raja, ujug-ujug pameresna murag. Naon nu bakal lumangsung saatos eta? Hayu urang regepkeun sami-sami. Alkisah…
(Di Imah Masyitoh)
Di ruang tamu, Itamar keur nangis, keur diupah-apeh ku Masyitoh.
Masyitoh : “Jep eulis jep, ulah nangis wae atuh, sakedap deui apa sumping da, jep ucu, jep.”
Teu lila ti lawang panto anu molongo tea, asup Obed, nu dadana cara gambang, regeng jeung lungse, leumpang nyampeurkeun Masyitoh. Sanggeus deukeut, Obed ngusapan sirah Itamar bangun deudeuh.
Obed : “Kumaha Itamar teh, rerep?” (ngusapan sirah Itamar)
Masyitoh : “Nya eta rerep mah kalah ka beuki ripuh. Ti tadi gogoaran bae, teu beunang diupahan.”
Obed : “Enya geuning sakieu nyebret pisan panasna.”
Masyitoh : “Atuhda katarajang panas pohara.. Kaka oge ayeuna mah katingalna begang pisan.”
Obed : “Meujeuhna atuh, da gawe cape, dahar kurang, sare kurang.”
Masyitoh : “Kumaha piramid teh tangeuh keneh?”
Obed : “Tangeuh keneh pisan, teuing iraha anggeusna. Mangkaning urang gawe teh bari disiksa ku mandor, teu meunang ereun-ereun acan.”
Masyitoh : “Ya Allah…”
Obed : “Kaka oge bisa bae katinggang batu, untung kaburu nyingcet, mun henteu mah kumaha”
Masyitoh semu malaweung, teu pati ngadengekeun dongeng salakina (mikiran hiji hal). Tuluy Siteri abus ka imah.
Siteri : “Ema, Bapa Simeon teh bade angkat kadieu, ngan aya peryogi heula sakedap, engke ka dieuna ti pengker.”
Masyitoh ngalieuk ka Siteri, ngan ukur unggeuk teu nyarita.
Obed : “Aya naon ieu teh make ngahaturan Bapa Simeon sagala? Malaweung deui? Naon nu jadi pikiran? Itoh, mun manggihan kasusah teh mereun salaki heula nu kudu pangheulana dibawa badami teh, naha atuh ieu mah kalah ngahaturan Bapa Simeon?”
Masyitoh : “Siteri, jig kaluar, ameng we sareng padabatur sing anteng nya, engke pami aya Bapa Simeon wartosan Ema nya!”
Siteri kaluar imah.
Masyitoh : “Matakna kuring ngahaturan Bapa Simeon teh lantaran hate kuring rungsing sareng bingung.”
Obed : “Bingung kunaon atuh?”
Masyitoh : “Kumahanya nyaritakeunna? Rumasa tos gagabah nyarita, teu ati-ati, matakna bisa ka sarerea.”
Obed : “Naon ieu teh, make aya matakna ka sarerea?” (reuwas)
Masyitoh : “Tadi kuring meresan rambut Agan Putri, biasana mah rambutna sae, ngan duka ku naon tadi mah kusut. Kuring the rada malaweung da mikiran si bungsu. Ujug-ujug sisir teh ragrag, teu karaos abdi teh ngucap “Demi Alloh, Cilaka Fir’aon.” Agan Putri teh ngajenghok, teras narosan saha ari Alloh teh.”
Obed : “Teras Itoh ngajawab naon?”
Masyitoh : “Nya Alloh teh pangeran nu ngawasaan bumi-alam saeusina, sareng Alloh teh sanes jalmi. Nah Agan Putri teh beuki bendu, “Kumaha mun dibejakeun ka Rama, maneh wani? Lamun sieun mah teu kunanaon, ngan gantina maneh kudu mangeran ka Rama! Kitu saurna teh.”
Obed : “Ceuk Itoh kumaha?”
Masyitoh : “Kuring moal mangeran salain ka Alloh.” Agan Putri beuki bendu, “Jadi maneh moal sieun lamun ku kami dihaturkeun ka Rama?” Harita mah kuring ngajawab “Moal, manga bae.” Tah kumaha lamun Kanjeng Fir’aon bendu? Terus kumaha lamun barudak kababawa?”
Obed : “ Nya nggeus atuh, teu kudu dipikiran, da eta mah geus jadi akibat jalma nu teu sajalan sareng Fir’aon.”
Siteri abus ka imah.
Siteri : “Ema, Bapa Simeon sumping.”
Masyitoh : (nyampeuran lawing) “Haturan Bapa Simeon, manga ka lebet. Hatur nuhun parantos sumping.”
Bapa Simeon asup ka imah diiringan ku duaan nyaeta Nadab jeung Amram.
Simeon : “Kunaon si bungsu teh? Saha ngaranna teh?”
Masyitoh : “Pun Itamar.”
Simeon :”Tah Itamar, maklum geus kolot mah sok pohoan. Kunaon? Panas?”
Masyitoh : “Muhun parantos katilu dinten.”
Simeon : (ngamantraan Itamar) “Tos ayeuna mah cageurnya. Oh enya Obed, kumaha kabarna?”
Obed : “Biasa bae Bapa.”
Simeon : “Tapi katingalina mah aya kasusah, kunaon?”
Obed : “Leres Bapa, ieu pun bojo.”
Simeon : “Na kunaon? Ieu ge Ki Amram jeung Ki Nadab kacida ripuhna, kudu gawe beurang peuting, da geuning piramid teh butuh batu magjuta-juta.”
Obed : “Sami abdi oge Bapa.”
Amram : “Da di dinya mah kudu ngarmasakeun jadi si leutik, ari urang mah keur naon aya daptarna di nagara mun lain rek diarah gawe jeung tanagana?”
Nadab : “Jeung pajeugna deuih! Nanaon kudu dipasrahkeun pikeun ngadegkeun piramid tea!”
Amram : “Hss.. ulah gagabah ari nyarita teh, bisi aya cakcak bodas!”
Nadab : “ Piraku! Da di dieu mah apan ngan antara urang jeung urang. Piraku we aya nu tega ngahianat ka dulur sorangan mah.”
Amram : “Moal ari aya nu hianat mah.”
Nadab : “Beurang peuting urang kudu digawe, nyieun bata, natah batu, ngakut jarami. Dahar teu bener, anak pamajikan teu kaurus. Rek ngurus ge teu diidinan.” (Nadab tuluy ngomong)
Amram : “Bapa!” (ka Bapa Simeon)
Simeon : “Geus atuh tong diumbar teuing. Enya ari enyana mah, saha nu teu ngarasa? Teu kudu sieun oge ku cakcak bodas, da piraku tega ngajual dulur sorangan.”
Obed : “Bapa, sanes pun anak udur wae, aya deuih nu sejena.”
Simeon : “ Aya naon deui?”
Obed : “Ieu pun bojo aya kabingung, tamaha tos gagabah nyarita, teu ati-ati tadi di karaton.”
Simeon : “Na naon kitu?” (ngalieuk ka Masyitoh)
Masyitoh : “ Nya eta puguh ge, Bapa! Teu pupuguh hayoh we pacental-cental sareng Agan Putri.”
Simeon : “Agan Putri nu mana?”
Masyitoh : “Agan Putri Taia, nu sapopoe sok didayangan diurusan ku kuring.”
Simeon : “Euh, pacental-cental kumaha?”
Masyitoh : “ Mimitina waktu kuring meresan rambutna, ujug-ujug sisirna ragrag. Kuring teh rada malaweung da mikiran si bungsu. Kuring atuh reuwas, ‘Demi Alloh, cilaka Fir’aon.’ Tuluy Agan Putri ngajenghok, mariksakeun saha Alloh teh. ‘Pangeran’ ceuk kuring teh, ‘Naha? Lainna Rama?’ ‘Rama mah manusa, jalmi biasa, Pangeran mah mung Alloh!’ Agan Putri teh bendu, ‘Daek maneh dihaturkeun ka Rama?’ saur kuring the ‘Mangga bae’.”
Simeon : “Jadi ayeuna kumaha?”
Masyitoh : “Nya eta bingung, kumaha pami leres Agan Putri ngawartoskeun ka Kanjeng Fir’aon? Mereun bakal aya mamala tumiba!”
Obed : “Pun bojo teh babakuna salempang, bilih nyandak dulur-dulur Bani Israil.”
Simeon : “Naha make mamawa dulur-dulur nu sejen? Bapa oge langkung tingali, kaayaan siga kieu. Kaceuceub kageuleuh urang Mesir nu hayang ngamusnahkeun bangsa Israi. Tapi rek ku saha atuh kayakinan urang dibelana lamun lain ku urang sorangan mah?”
Obed : “Ku simkuring ge tos disanggemkeun litu, nangisng pun bojo kekeuh bingung.”
Simeon : “Ceuk Bapa mah teu kudu bingung da geus kajadian. Bakal datang mangsana urang dipaparin pituduh sareng diaping ku jalma nu kaselir ku pangeran, kaluar ti ieu nagara, ngajugjug ka tanah nu geus dijangjikeun ku Gusti Alloh ka karuhun urang, nyaeta tanah dimana urang bakal leupas tina sagala kasangsara jeung kabalangsak nu kiwari nyasaak.”
Masyitoh : “Kuring mah salempang, bilih kateu ati-atian kuring jadi alasan pikeun rusakna bangsa urang.”
Simeon : “Ah teu kedah salempang, Nyai percaya ka Alloh lain?”
Masyitoh : “Atuh kantenan bae.” (Heran)
Simeon : “Percaya kana kaagungan jeung kakawasaan Anjeunna deuih?”
Masyitoh : “Percanten pisan.”
Simeon : “Lamun Nyai percaya kana kaagungan sareng kakawasaan-Na, sing yakin yen sagala tingkah laku, amal pagawean urang teh ngan wungkul lumangsung kalayan kakawasaan-Na.”
Masyitoh : “Gusti Alloh moal bendu lantaran kuring kurang ati-ati?”
Simeon : “Sagala anu diucapkeun ku Nyai ka Agan Putri the tos ngabela jenengan Anjeunna. Piraku Pangeran moal ngaridhoan ucapan Nyai nu rek ngabela jenengan Anjeunna.”
Amram : “Kana cocoba mah apan urang the geus biasa. Lamun enya oge aya mamalana ka kuring, kuring mah rido pisan nandangannana.”
Nadab : “Keur kuring mah soal ridho teu ridho narima cocoba mah da geus tuman. Tapi naha urang rek narima sagala kasangsara? Sagala rasa teu daya teu upaya?”
Simeon : “Nadab! Naon anu bieu diucapkeun the?” (reuwas)
Nadab : “Pikiran kuring.”
Simeon : “Naon maksudna? Hayang boga daya upaya? Apan eta mah mung Alloh nu gaduh, urang mah moal bisa, kajaba lamun diridhoan ku Anjeunna.”
Nadab : “Tapi naha Alloh bakal ngaridhoan kana daya upaya jeung tanaga bangsa nu nyiksa urang? Nu puguh, nu karasa ku urang sakabeh mah beuki lila hirup eh beuki sangsara.”
Simeon : “Mugi Gusti masihan papandang ka jero atina, sangkan dipaparin kasabaran jeung tawekal.” (Tungkul namprakkeun pananganna ningal sikeup Nadab)
Amram : “Nadab! Urang kadieu the lain rek pasea.”
Bapa Simeon ngarsaa teu genah, babakuna ku pribumi. Sanajan katingal bari rada maksakeun anjeun, Bapa Simeon ngalieuk ka pribumi, sarta sasauran.
Simeon : “Eta mah kitu wae Obed, Itoh, teu kudu jadi pikiran. Heug ku bapa didoakeun.”
Amram : “Sing yakin Itoh, mun enya aya mamalana, kuring sadudulur moal nepi ka ngarasula. Sabab papait itoh, papait urang sadayana. Lain kitu Nadab? (saeutik nyindir)
Nadab : Enya, ongkoh apan keur kuring mah geus teu aya papait, da Saumur-umur oge pait bae!”
Sanggeusna ngarampa deui sirah Itamar, Bapa Simeon, Nadab, jeung Amram kaluar, dianteurkeun ku pribumi nepi ka lawang.
Obed : “Tah kitu geunging Itoh saur Bapa Simeon oge teu kudu jadi bingung.”
Masyitoh : “Nu jadi teu genah teh bet asa teu pupuguh hayoh nyarita, bari teu ati-ati. Da lamun teu sambarangan nyarita mah moal aya nanaon.”
Obed : “Muhun, saenyana Nyai teu kudu paheras-heras sareng Agan Putri. Tapi henteu ari salah mah, jeung da geus kajadian.”
Masyitoh : “Mugi-mugi Alloh maparinan kapengkuh ka hate abdina. Aamiin.”
Obed : “Alloh tangtu nangtayungan abdi-Na nu satia.”
Obed ngayakinkeun pamajikannana, bari neuteup bangun deudeuh. Kakara oge leungeun nyolongkrong rek ngusapan sirah Masyitoh, geus jol Siteri hariweusweus.
Siteri : “Bapa, aya nu daratang kadieu, aleut-aleutan! Sigana mah Kanjeng Pandita ti karaton!” (ngomongna haruhah-harehoh)
Obed : “Enya bae daratang!”
Masyitoh : “Naon nu dipikainggis-dipikarisi, ayeuna kajadian.”
Obed : “Tapi teu kudu sieun, Nyai.”
Siteri cara nu ngarti kana pibahlaueun, lalaunan nyempeurkeun indungna, bari melong ka bapana nu taya kendatna neuteup ka lwang. Teu lila burudul aleutan Pandita Metufer nu diiring ku sawatara gulang-gulang.
Metufer : “Maneh Masyitoh?”
Masyitoh : “Leres Kanjeng Pandita.”
Metufer : “Kami diutus ku Gusti Kanjeng Fir’aon k adieu supaya nepungan maneh. Mereun maneh geus nyaho rek naon.”
Masyitoh : “Aya pikersaeun naon?”
Metufer : “Teu kudu pura-pura, Masyitoh! Da kami oge moal nanaon ieuh!”
Masyitoh : “Piraku atuh abdi dugi ka kumawantun pura-pura ka salira gusti.”
Metufer : “Kami diutus ku Kanjeng Fir’aon nepungan maneh pikeun nanyakeun omongan maneh nu tadi isuk. Waktu maneh meresan rambut Agan Putri. Nyarita naon harita maneh?”
Masyitoh : “Alloh nu Mahawelas tur Mahaasih.”
Metufer : “Tah enya Alloh. Pangeran naon eta teh?”
Masyitoh : “Sumuhun, Pangeran nu ngawasaan jagat-rat saeusina.”
Metufer : “Apan Pangeran anu murbeng alam, nu ngawasaan jagat-rat saeusina mah Kanjeng Fir’aon! Ti baheula oge taya deui Pangeran mung Kanjeng Fir’aon. Naha maneh bet ngaku Pangeran nu lian?”
Masyitoh : “Kanjeng Fir’aon mah sanes Pangeran, margi teu langgeng. Pami Pangeran mah sipatna ge langgeng.”
Metufer : “Na dimana ayana Pangeran maneh teh?”
Masyitoh : “Alloh ngawengku satung-kebing jagat-rat, teu tiasa katingali ku soca, jeung Pangeran mah moal tiasa disamikeun sareng akhluk dadameulannana.”
Metufer : “Atuh ari teu kadeuleu mah, EWEUH!” (bari nyakakak seuri) “Apan ari nu aya ah kabeh ge teu bisa kadeuleu, bisa karampa! Kami mangeran ka Kanjeng Fir’aon teh aya buktina! Kaasih jeung kaadilannana atuh karasa ku sarerea.”
Masyitoh : “Sumuhun, nanging kaasih sareng kaadil Kanjeng Fir’aon mah taya hartosna pami dibandingkeun sareng kaasih sareng kaadil Gusti Alloh nuMahawelas tur Mahaasih.”
Metufer : “Maraneh Bangsa Israil lain bae dipaparin widi hirup di ieu nagara, tapi oge maneh pribadi dipaparin kapercantenan digawe di lebet karaton.”
Masyitoh : “Mung hapunten, abdi moal tiasa mangeran salain ka Gusti Alloh.”
Metufer : “Enya bener maneh mah gurat batu! Lain, kunaon maneh kacida teuing nyembah ka Alloh? Naha gede pangasihna ka maneh?”
Masyitoh : “Atuh kantenan ageung mah. Ku ageing-ageungna teu tiasa kawilang.”
Metufer : “Tapi naha geuning pikeun hirup maneh masih keneh kudu ngawulaan Agan Putri? Naha Pangeran maneh, Alloh tea, teu bisa ngajamin hirup maneh?”
Masyitoh : “Gusti Alloh mah pami masihan rejeki tara langsung bro, mung sareatna mah nya ngalangkungan nu sanes. Malah pamasihan ti Agan Putri oge hakekatna mah nya pamasihan ti kersana Alloh.”
Metufer : “Beu enya maneh mah ngaleungitkeun pisan kana pangasih jeung kaasih Kanjeng Fir’aon teh! Malah nu katarima ti anjeunna ge kalah ka diakukeun ti nu lain. Enya maneh mah eweuh pisan panarima!”
Obed nu tatadi cicing bae ningalikeun pamajikanana, meke milu jabung tumalapung.
Obed : “Sanes kirang panampi, mung hirup manusa mah apanan teu daya teu upaya anging ku kersa ti Gusti Alloh.”
Metufer : “Maneh! Saha maneh? Salakina Masyitoh?”
Obed : “Leres pisan.”
Metufer : “Saha ngaran?”
Obed : “Obed.”
Metufer : “Enya, bener pisan omongan maneh the. Manus amah teu daya teu upaya, anging ku kersa Gustina, Pangerana, nyaeta Kanjeng Fir’aon.”
Obed : “Kanjeng Fir’aon oge dina hakekatna mah teu daya teu upaya, da papada manusa. Mung ku pangersa Gusti Alloh, Pangeran nu Maha Kawasa.”
Metufer : “Kurang ajar! Wani nyarita campelak yen Kanjeng Fir’aon teu daya teu upaya!” (bari nyentak) “Obed, omongan maneh nu gelo bakal meunang hukuman nu beurat. Maneh geus nyembah ka nu lain sembaheun, tepi geus wani ngahina kana sesembahan urang Mesir.” (ngancam)
Obed : “Teu pisan-pisan abdi gusti wani… (dipotong ku Metufer)
Metufer : “GANDENG! Maneh wani nambalang?!”
Tapi bari ngomong kitu the, maneh na nyerenteng nyampeurkeun Obed. Habek-habek bae Obed ditenggeulan. Obed teu ngalawan, tapi tina sorot panonna kaciri amarahna nu ditahan.
Metufer : “Masyitoh! Mun maneh daek menta ampun sarta daek ninggalkeun sesembahan maraneh anu teu puguh, kami yakin, Kanjeng Fir’aon bakal maparin ampun ka maraneh.”
Masyitoh : “Muhun, mung mustahil abdi tiasa nyembah sanes ti ka Alloh.”
Metufer : “Kumaha ari maneh, Obed? Maneh mah lalaki, kudu boga pikiran nu leuwih alus.”
Obed : “Lalaki mah langsung jembar sareng langkung panjang emutan. Kumargi eta langkung beurat upami kedah pindah kapercantenan. Alloh Pangeran abdi sadaya, nya ka Alloh abdi sadaya tetep mangeran, pageuh muntang,”
Metufer : “Jadi maneh sakabeh baha?”
Obed : “Sanes baha, mung mageuhan bebeneran kaparcantenan ti karuhun abdi sadaya.”
Metufer : “GANDENG! Teu kudu rea omong! Jadi maraneh keukeuh moal menta diampun?”
Obed : “Muhun, kumargi teu rumaos lepat.”
Metufer : “Teu rumaos lepat? Alus! Padahal maneh geus ngahina pupuja urang Mesir! Maneh bakal meunang hukuman nu beurat kacida! (bari nunjuk Obed) “Masyitoh, maneh teu inget ka kabeh pangasih Kanjeng Fir’aon nu geus mere leuwih ka maneh? Ka Agan Putri nu geus sakitu deudeuhna ka maneh?”
Masyitoh : “Abdi teu pisan-pisan gaduh emutan ngicalkeun kana sagala kasaean sareng aasih aranjeunna.”
Metufer : “Naha atuh maneh wangkelang?”
Masyitoh : “Duh teu pisan-pisan wangkelang! Abdi mung ngabela bebeneran nu parantos diagem ku karuhun tipayun.”
Metufer : “Tapi maneh kudu nyaah kana hirup maneh Masyitoh!”
Masyitoh : “Hirup-hurip abdi sadaya kaagungan Alloh. Manan hirup teu diridhoan ku Anjeunna, langkung sae.”
Metufer : “Masket pisan maneh mah ka Alloh teh! Nepi ka tega ka nyawa sorangan!” (nunjuk Obed) “Ari maneh teu nyaah deuih kana hirup maneh?”
Obed : “Sanes teu nyaah, mung hirup manusa anging ku kersana Alloh nu Mahaagung.”
Metufer : “Cukup! Maneh geus nolak pangasih Kanjeng Fir’aon. Maneh teu bisa ditulungan kulantaran maneh gede hulu, wangkelang!”
Obed dicangkalak ku gulang-gulang, kitu deui Masyitoh. Siteri rawah-riwih ceurik. Obed teu ngalawan, sanajan ari kekerot mah kekerot.
Obed : “Bade dikumahakeun abdi gusti sadaya?”
Metufer : “Maneh teu beunang dielingan. Ayeuna maneh sapiumpi baris dibawa ku kami. Rek dideuheuskeun ka payuneun Kanjeng Fir’aon!”
Obed : “Ulah dipergasa anak jeung pamajikan kuring!” (bari ngagorowok)
Kepru : “Cicing maneh! Rek ngalawan, hah?!”
Sanggeus kitu tuluy digiringkeun kaluar, rek dibawa ngadeuheus ka payuneun Kanjeng Fir’aon di karaton.
(Di Karaton Fir’aon)
Di hiji rohangan nu tega di karaton, ngajugjrug korsi nu diukir jeung dikaput ku sing emas rinukmi, tempat paragi calikna Kanjeng Fir’aon. Harita teh di dinya masing kosong, nepi ka jolna Kanjeng Pandita Ptahor nu galak tea.
Ptahor : “Na kamarana Kanjeng Fir’aon, Agan Putri, sareng Pandita Metufer the? Ti tatadi teu katingal (monolog) tuh gening Agan Putri sumping.”
Nu disebut Agan Putri the nyaeta Putri Taia, putra kameumeut Kanjeng Fir’aon, nu diogo, dipunjung, dipusti-pusti. Harita Agan Putri katingal gesat-gesut, dangdosanna teu acan tarapti pisan. Tapi henteu jadi pamengan, da aya para emban nu ngalereskeun anggoanna.
Taia : “Kumaha Bapa Pandita, bejana si wangkelang teh?”
Ptahor : “Teu acan aya wartosna deui.”
Taia : “Mun enya teu nurut, kudu dicangkalak.”
Ptahor : “Leres pisan, beuki lami the urang Israil beuki kumaki. Mani masa aing teu batur.”
Taia : “Baheula, karuhun nu kantos dipercanten jadi mangkubumi, kengeng kamandang ti raja jaman harita. Mani asa manehna sorangan jadi raja. Sagala dulurna diajak bubuara kadieu. Tuluy dipaparin kalungguhan nu parenting.”
Ptahor : “Ari jumlahna unggal taun nambahan balipet-lipet, nya?”
Taia : “Muhun, dugi ka teu kawilang. Di mana bae di lolojok lemah cai urag, nyampak weh urang Israil. Pagaweanna nyeepkeun urang pribumi. Naon bae dicabak, nepi ka urang pribumi mah teu kabagean nanaon, kajabi ti kuli nu pinuh ku daki.”
Ptahor : “Kulantaran kitu, ieu kaayaan teu meunang diantep. Urang kudu nyiar akal sangkan anak incu urang ulah musna.”
Taia : “Naon akal Bapa Pandita the?”
Ptahor : “Jalan agama. Lamun maranehannana daek ninggalkeun agama karuhunna, tangtu Bansa Israil di dieu moal dmiboga beungkeutan rasa nu kuat.”
Taia : “Kacida hadena eta rancangan, Bapa Pandita! Rama tangtu ngaluyuan kana eta rancangan.”
Keur kitu, sup Kanjeng Fir’aon. Yuswana parantos ngalangkungan opatpuluh taun, gagah sarta agung. Ulatna daria. Anggoanna sakitu basajan, tapi nambahan cahaya kana komarana. Agan Putri jeung Pandita Ptahor tuluy ngahormat.
Fir’aon : “Mana ari Pandita Metufer?”
Ptahor : “Teu acan katingal.”
Taia : “Rupina mah kedah maksa heula Masyitoh sareng kulawargana.”
Fir’aon : “Naha make kudu dipaksa?”
Taia : “Teu mustahil eta urang Israil the nanduk kana dawuh Rama.”
Fir’aon : “Piraku!”
Taia : “Teu mustahil Rama! Margi urang Israil mah galede hulu!”
Ptahor : “Leres pisan. Urang Israil mah gede hulu ti baheula oge.”
Fir’aon : “Kumaha gede huluna si… saha ngaranna, Euis?”
Taia : “Pun Masyitoh.”
Fir’aon : Sakapeung kami heran. Naon nu nyababkeun maranehna masket kana sesembahannana nu heubeul. Naon leuwihna ti kami? Naon leuwihna pangasih Pangerannana tea ti kami?”
Ptahor : “Eta mah mung ku margi jalmina bae bodo boloto katotoloyoh!”
Taia : “Kami oge ngarasa, kumaha jantenna Nagara Mesir jaga, lamun urang Israil diantep karepna. Mereun bangsa mesir tumpur, Nagara Mesir tumpes! Ku margi eta Rama kersa waspaos, ulah dugi k acara nu miara buhaya, bilih nyantok temahna.”
Fir’aon : (Ningali ka putrina) “Pikiran Eulis kacida benerna!”
Teu acan liren Kanjeng Fir’aon gumujeng, bus asup Pandita Mentufer jeung gulang-gulangna.
Fir’aon : “Kumaha hasilna, daekeun mangkelukna nurut?”
Metufer : “Masyitoh urang Israil nu durjana, keukeuh henteu nurut kana sagala panggeuing abdi, gusti.”
Fir’aon : “Masyitoh wangkelang? Embung mangeran ka kami?” (bendu)
Metufer : “Leres dawuh.”
Fir’aon : “Kurang ajar! Baha! Mana ayeuna si wangkelang teh?”
Metufer : “Bawa ka dieu!” (nitah ka Inteb jeung Kepru)
Gulang-gulang ngadeuheuskeun Obed sapiri-umpi ka payuneun Kanjeng Fir’aon.
Ptahor : “Dasar siah, gede hulu maraneh mah!”
Fir’aon : “Masyitoh! Enya maneh mangeran ka nu lian?”
Masyitoh : “Pangeran abdi mung hiji, nyaeta Alloh.”
Fir’aon : “ Pangeran ngan hiji! Nya kami sipatna, Fir’aon, sesembahan manusa satungkebing jagat-rat! Nya kami nu murba jagat-rat! Nya kami nu ngawasa bumi alam saeusina!”
Ptahor : “Ku lantaran eta, maneh kudu mangeran ka Kanjeng Fir’aon nu Mahaagung, Masyitoh!”
Masyitoh : “Abdi mung mangeran ka Pangeran nu saestuna, nyaeta Alloh.”
Fir’aon : “Bisi maneh teu nyaho, Fir’aon pangeran nu saestuna mah! Kami! Lian ti kami, eweuh deui Pangeran!”
Taia : “Masyitoh, Rama moal bendu mun maneh daek pindah kapercayaan. Tinggalkeun Pangeran maneh nu hapeuk, nu teu bisa nanaon, nu teu puguh bukti-buktina. Geura mangeran maneh ka Rama, nu enya murbeng jagat-rat, nu enya Mahaasih jeung Mahamurah!” (sasaurannana bangun deudeuh)
Masyitoh : “Agan Putri! Agan tos uninga, kumaha cumantelna abdi gusti ka Agan. Agan tingali kumaha ajrihna abdi ka gusti Rama. Mung ari Pangeran mah, teu aya deui, mung Alloh nu Mahasuci.”
Fir’aon : “Jadi maneh keukeuh mangeran ka Alloh?”
Masyitoh : “Leres dawuh.”
Fir’aon : “Naon sababna pang maneh sakitu masketna mangeran ka Alloh? Naha Alloh leuwih beunghar ti kami? Leuwih sugih ti kami?”
Masyitoh : “Tangtos bae langkung beunghar langkung sugih mah, da sadaya nu kumelip, teu kaiwalkeun salira dampal gusti ku anjeun, sadayana kagungan Alloh.”
Fir’aon : “Naon? Kami kagungan Alloh? Kakara kami mah ngadenge caritaan nu gelo cara kitu! Na gede saha Alloh jeung kami? Digjaya saha? Sakti saha?”
Masyitoh : “Gusti Alloh mah moal aya nu nendeng, sanes pilawaneun nu sanes.”
Fir’aon : “Wani maneh nyarita kitu, hah? Lamun enya Pangeran maneh nu ngaranna Alloh the gagah, cing sin aka dieu ayeuna! Kami hayng nyaho kadigjayana! Saha nu unggul mun tarung!”
Masyitoh : “Duh gusti, ari Alloh mah sanes lawaneun, sanes tarunganeun. Sanaon dampal gusti sakti manggulang-mangguling, kongas gagah taya tanding, nanging mung ukur makhluk…” (dipotong ku Fir’aon)
Fir’aon : “Wani maneh lancing, hah? Kami lain makhluk cara maneh! Kami mah Pangeran maraneh! Kami nu ngawasa ieu jagat!”
Taia : “Kacida maneh Masyitoh, dipayunen Rama maneh wani asal nyarita! Enya maneh mah kudu dicacag letah teh!”
Fir’aon : “Maneh salakina ieu awewe?” (ningali ka Obed)
Obed : “Leres dawuh.”
Fir’aon : “Maneh nu mapatahan ieu awewe sangkan mangeran lain ka kami?”
Obed : “Henteu gusti, da waktos ngawitan tepang oge, abdi gusti parantos sakapercantenan.”
Fir’aon : (nitah logojo) “Rangket ieu jalma anu omonganna teu beunang diandel!”
Logojo tuluy nyameurkeun ka Obed. Dua gulang-gulang ngajeuwang leungeunna sangkan ulah ngamuk. Masyitoh nyaksian salakina rek disiksa teh mani peureum. Teu bisa kukumaha, jaba ti tungkul awahinh sieun nyaksian ceterna pecut kana kulit salakina.
Masyitoh : “Kaka…”
Siteri : “Bapa… Bapa…”
Sanggeusna tarapti, ceter-ceter bae logojo the ngarangket tonggong Obed nu buligir. Atuh awak nu regeng jeung begung teh, tingjalalur bareureum, malah sawareh mah getihan, da kulitna pecah.”
Fir’aon : “Karasa ku maneh nyerina cameti ganjaran ka jelema nu caritana teu beunang dipercaya?”
Metufer : “Dalah cameti moal aya pangaruhna, kuring terang, eta jelema teu boga kasieun, teu boga kakeueung. Siga nu geus paeh rasa!”
Ptahor : “Ku lantaran kuatna masket kana pupujana. Nu teu puguh wujudna tea. Kasieunna ka nu eweuh rupana leuwih gede manna kasieunna kana siksaan cameti.”
Taia : “Masyitoh! Lamun maneh tetep kitu, maneh ge tanwande nandangan siksaan siga salaki manh bieu!”
Masyitoh : “Abdi yakin eta the mung cocobi ti nu Mahasuci.”
Taia : “Cocoba ti nu Mahasuci?! Logojo, rangket ieu awewe wangkelang!”
Dua gulang-gulang nyekelan leungeun Masyitoh. Logojo nyoehkeun tonggong bajuna, nepi ka buligir. Barang ceter cameti kana tonggong indungna, dangek Siteri ngajerit bari meungpeunan beungeutna.
Siteri : “Ema! Ema! Ema!”
Taia : “Kumaha cocoba teh? Aya karasana? Kumaha?”
Masyitoh : (teu ngawaler, tuluy nangkeup Siteri) “Emh, Enung, anak Ema, deudeuh!”
Siteri : “Ema, na ay jalma galak-halak teuing?”
Masyitoh : “Lantaran ngarsa leuwih ti papada jalma, ngarasa boga wiwesa, padahal manusa mah teu daya teu upaya angina ku pangersa Alloh.”
Siteri : “Tapi naha Alloh teu nulungan? Kalah ka maparin keresa ka eta jalma sina nyiksa Ema jeung Bapa?”
Masyitoh : “Ieu mah ngan wungkul cocoba enung, Pangeran nyoba kapanggeran iman urang.”
Siteri : “Ema, nu matak Alloh teu nulungan ka urang oge, mereun teu nyaaheun.”
Fir’aon : “Bener, bener. Pinter budak teh! Teu siga kolotna!”
Masyitoh : “Deudeuh enung! Teu kengeng nyarios kitu. Gusti Alloh mah kanyaah jeung kaasihna teu tiasa kaetang, moal ngantunkeun jalma nu iman ka anjeunna. Unggal jalma nu percaya, tangtu ditangtayunan ku Anjeunna.”
Siteri : “Naha geuning teu mikawelas ka Ema?”
Masyitoh : “Teu, Enung. Da lamun urang manteng mah, sagala pangrangket taya hartina. Pangrangket ngan bisa ngageuneungan badan Ema, kulit Ema bisa babak, tapi ari ati Ema mah moal aya robahna.”
Siteri : “Jadi Alloh the langkung kawas ti Kanjeng Fir’aon?”
Masyitoh : “Enya pisan. Ku lantaran eta maneh ulah sieun, kedah percaya ka Anjeunna.”
Ptahor : “Masyitoh! Maneh lain bae bahula kana kaagungan Lanjeng Fir’aon, Pangeran nu Mahakasawa, tapi maneh geus wani ngahasut anak maneh supaya jadi jalma baha!”
Taia : “Anakna dipapatahan sangkan percaya ka Alloh tea!”
Fir’aon : “Ngaliarkeun kapercayaan teu bener! Maneh henteu ngarasa nyeri ku pangraket?”
Masyitoh : “Pangraket mah mung karaos disaluwareun awak, ari ati nu henteu ningali ka Alloh mah, matak poek bumi alam.”
Fir’aon : “Maneh nu poek mah! Maneh nu lolong, henteu awas ka Pangeran nu waspada! Naha maneh lain geura liir? Tenjo ku panon maneh nu molotot, nya kami Paneran nu murbeng jagat!”
Masyitoh : “Teu aya Pangeran, mung Alloh.”
Fir’aon : “(nunjuk ka Obed) “Maneh! Jalma ahli putar lidah! Naha maneh teu kungsi ngelingan pamajikan maneh sangkan mangeran ka Pangeran nu enya?”
Obed : “Duh gusti, naha abdikedah ngelingan jalmi nu tos eling?”
Fir’aon : “Sarua burungna! Nyembah ka Alloh, Pangeran nu Mahakawasa! Mana buktina? Titatadi ku kami di tangtang teu datang wae? Lamun enya Alloh the wiwesa, mereun titadi keneh geus ngajait pamajikan maneh ti pangraket!”
Obed : “Alloh nu Mahaagung Mahakawasa, da pun bojo ge teu aral ngarasula, nanging tumarima kana kadar nu tumiba.”
Fir’aon : “Bisi teu nyaho nya kami Pangeran maraneh, nu wenang ngaganjar atawa nyiksa maraneh. Kagungan maraneh sakabeh.”
Obed : “Mung teu tiasa meruhkeun kacengeng iman abdi sadaya.”
Fir’aon : “Ceuk saha? (ngagorowok) Acan! Tapi mun kami ditibanan cocoba nu leuwih beurat, tangtu maraneh moal kuat!” (ngalirik ka logojo) “Hayoh rangket deui eta awewe!”
Obed teu tahan nenjo pamajikannana disiksa cara kitu mah. Manehna ngalieus, supaya ulah nyaksian caterna pecut kana tonggong pamajikannana. Bari peureum manehna tungkul bari nyambat ka Pangeran.
Obed : “Ya Alloh Gusti nu Mahaagung! Mugi Gusti maparin kapangger ka pu bojo!”
Ptahor : “Ereun heula! Rangket budakna Masyitoh!” (nitah ka logojo)
Kabeh Kanjeng Fir’aon, Putri Taia, jeung Pandita Metufer ngalieus, bangun teu tega ningali budak disiksa mah. Tapi Pandita Ptahoor mah siga nu sugema ningali budak disiksa teh. Ahirna mah Kanjeng Fir’aon mere isarat ka logojo sangkan ereun ngarangket.
Fir’aon : (ningali ka Obed) “Maneh, lalaki taya gadag! Tega maneh nyaksian anak maneh disiksa? Dirangket?”’
Obed : “Mugi-mugi Gusti Alloh nu Mahaasih, kersa ngahapunten dosana jalmi nu teu aya rasrasanana.”
Fir’aon : “Naon? Maneh mangmentakeun hampura keur aing ka Pangeran Maneh? Teu sudi-sudi pisan aing mah!”
Obed kalah ka ngalieuk ka Siteri.
Obed : “Eulis, anak Bapa. Ulah sieun. Gusti Alloh moal ngantunkeun, tangtu nangtayungan sarta ngaganjara mahlukna nu iman ka Anjeunna.”
Siteri : “Bapa, tingali Ema…”
Obed : “Emh, Itoh. Muga Nyai masing pangger, sing pancep nya iman.”
Masyitoh : “Kaka ulah salempang, dina nandangan siksaan siga kieu, kuring beuki yakin kana kamurah sarta kaagungan Alloh. Geuning kakawasaan lahir nu pada ngagung-ngagung the taya hartina, taya pangaruhna kana ati nu teu pukah iman.”
Fir’aon : “Nya bener jalma-jalma gede hulu! Wangkelang leuwih ti misti! Dirangket kalah masket, disiksa malah muntang!” (ngagorowok)
Ptahor : “Jalma nu teu kenging lana umurna…”
Fir’aon : “Kumaha ceuk timbangan pandita?”
Ptahor : “Sae dihukum pati bae, supaya jadi pikeun conto ka nu lian ulah dugi ka pada nurutan.”
Fir’aon : “Enya, tapi kumaha carana?”
Metufer : “Numutkeun emutan abdi mah saena ditibanan hukum pati digebruskeun kana godogan timah ngagolak.”
Fir’aon : “Enya bener pisan. Pikiran pandita kacida hadena.: (nunjuk ka logojo) “Parentahkeun ka kamar panyiksaan, sayogikeun kancah gede godongan timah pikeun ngagebruskeun ieu jalma-jalma nu murtad!”
Metufer : (nitah ka salahsahiji gulang-gulang) “Ku maneh kudu di embarkeun ka jalma-jalma sanagara, yen Masyitoh sapiri umpi rek dihukum pati digodog dina timah ngagolak, bongan geus wani nyembah lain ka Kanjeng Fir’aon.”
Fir’aon : “Gulang-gulang! Borogod ieu jalma, giring ka kamar panyiksaan! Pasrahkeun ka logojo sina digebruskeun kana godogan timah ngagolak!”
Barang Masyitoh sapiri-umpi rek kaluar pisan ti eta rohangan, Itamar the ereun ceurikna, kadenge nyarita nongtreng atra pisan.
Itamar : “Ema, Bapa, ulah mangmang, ulah sieun! Da godogan timah teu panas teu sing najan ngagolak oge. Nu panas ukur ceuk pangira, taya rasana pikeun rasa nu geus teu panasan teu tiisan, manteng iman ka gusti nu Mahakawasa.”
Ngadenge eta omongan, sarerea curhak. Oge gulang-gulang nu ngagiringkeun sakedapan mah ngarandeg awahing kaget.
Fir’aon : “Saha nu nyarita? Orok?”
Ptahor : “Orok ngomong? Orok bereum keneh?”
Metufer : “Ajaib! Aneh pisan!”
Fir’aon : “Aneh! Aneh pisan! Aya orok bisa ngomong cara kolot!”
Taia ``: “Ah tangtosna oge eta mah sulap kamonesan urang Israil! Apan kawentar seueur elmuna! Tapi da seueur urang Mesir ge nu ahli sulap kitu-kitu bae mah!”
Fir’aon : “Lain, lain. Ceuk kami mah lain sulap!”
Rada lami jempling paheneng-heneng kitu teh. Masyitoh sapiri-umpi digebruskeun ka godogan timah ngagolak ku logojo jeung gulang-gulang. Maranehna jempling teu ngomong nanaon, komo deui ngajerit. Siga nu teu karasa nanaon.
Gulang-gulang asup nyangharep Fir’aon.
Fir’aon : “Kumaha? Geus digebruskeun kana godogan timah eta si gede hulu the sarerea?”
Inteb : “ Dawuh gusti, parantos. Sadaya timbalan parantos dijalankeun.”
Fir’aon : “Kumaha? Menta ampun maranehannana? Careurik?”
Kepru : “Teu pisan-pisan. Kalah ka dangdeung ngajugjug kana kancah timah ngagolak! Taya pisan kagimirna. Teu aya nu ceurik saurang-urang acan. Malah budakna oge henteu.:
Fir’aon : “Teu ngarti… teu ngarti naha nepi ka kitu! Teu ceurik, teu sieun. Sakitu pati geus nyantong! Naha percaya-percaya teuing ka Alloh eta jelema teh?! Naha enya nu disebut Alloh teh aya kitu?”
Maaf jika kurang rapi penyusunannya, di lain waktu saya edit kembali. Terimakasih atas kunjungannya^^
Komentar
Posting Komentar